SITTI NURBAYA
( Kanyaah Teu Nepi )

Tatangga Sitti Nurbaya anu geus akrab jeung manehna teh nyaeta Samsulbahri anu sok disebut Samsu atawa sam. Samsulbahri teh budakna Sutan Mahmud Syah, panghulu di padang, salah saurang anu boga pangkat luhur. Samsu ayeuna kelas 7 di Sakola Walanda Pasar Ambacang . Umurna kira kira geus 18 taun. Samsulbahri teh budak pinter, oge tilu bulan deui manehna rek neruskeun ka Sakola Dokter Jawa di Jakarta.Kalakuan jeung sifatna teu jauh beda jeung Nurbaya.
Baginda Sulaiman jeung Sutan Mahmud Syah geus akrab ti baheula, sosagar jeung panghulu ieu teh lain ngan saukur sobat karib wungkul, tapi oge dulur keneh. Kusabab kitu Nurbaya jeung Samsulbahri teu ngarasa kawas ka batur deui, geus ngarasa saema sabapa. Unggal poe ulin babarengan, can pernah papisah, jeung oge duanana budak hiji-hijina.
Samsulbahri jeung Nurbaya nyobatna teh jeung Bakhtiar oge Arifin, nyaeta babaturan sakelas Samsulbahri. Duaan eta oge rek nuluykeun sakola ka Jakarta bareng jeung Samsulbahri. Samemeh Samsu, Arifin jeung Bahktiar mangkat ka Jakarta, tiluan eta ngarencanakeun rek jalan-jalan ka Gunung Padang jeung Nurbaya.
Sapoe samemeh Samsu indit ka Jakarta, Nurbaya ulin meakeun poe harita jangeun sosonoan jeung Samsu anu bakal ninggalkeun manehna, jeung sakabeh nu aya di Padang. Basa Nurbaya pamit ka Samsu yen manehna rek balik, Samsu nganteurkeun Nurbaya ka imahna, di jalan Samsu nyarita ka Nurbaya “Nur, enjing abdi bade angkat ka rantau, duka uih duka henteu. Kumargi kitu ieu tos waktosna abdi muka rusia hate abdi, abdi bogoh pisan ka anjeun, kanyaah ieu teh tos lami ku abdi di sumputkeun, ayeuna abdi ngabukakeun sateuacan urang papisah, boa urang moal tiasa pependak deui. Lamun henteu di bukakeun rusia ieu abdi bakal sedih pisan”. Ngadangu Samsu ngomong kitu ka manehna, Nurbaya ngarandeg bari tungkul. Bari era rarasaana rek muka rusiah hatena. Teu kungsi lila Samsu ngomong ka Nurbaya , “lamun engke abdi tos berpangkat jadi dokter, sudikah anjeun jadi istri abdi ?”
“Maenya alim” Nurbaya ngajawab pananyaan ti Samsu meumeueusan. Terus dicium leungeun Nurbaya. Samsu pamit rek balik ka imahna, sabab isukan manehna rek indit ka Jakarta. Nurbaya indit ka jero imah.
Isukna Samsu indit ka Jakarta, di deukeut palabuan Teluk Bayur, sobat Samsulbahri, ema-bapana, dulur jeung sobat karibna ngarumpul rek papisah jeung Samsu. Indung jeung bapan nitip ka Samsu yen manehna kudu ngajaga diri di rantau. Dina kumpulan dulur jeung sobatna aya nurbaya anu cicing deukeut Samsu, karasa ku Nurbaya beurat papisah jeung kabogohna. “ Nur, jaga diri, lamun aya nanaon enggal tulis surat ka abdi”, “lamun abdi tos nepi di Jakarta, insya allah bade ngirim surat ka anjeun” ceuk Samsu ka Nurbaya. Geus kitu Nurbaya teu bisa ngabendung cai matana, ngucur teu katahan deui. Ti sisi Teluk Bayur Nurbaya ningali kabogohna nu ngagupayan manehna, Nurbaya ngabales ngagupay. Teu kungsi lila kapal nu mawa Samsu beuki teu katingali. Nurbaya ngarandeg tuluy balik jeung Baginda Sulaiman.
Di Kampung Ranah, kota Padang, aya imah anu jauh ti jalan, nyirukruk deukeut kebon jeung tangkal anu gede, katingali namah imah eta teh teu kaurus. Eta teh imah Datuk Meringgih, anu katelah sodagar pangbeungharna di Padang. Datuk Meringgih teh sodagar bakhil, loba jeung tamak, kikir teu nyaah ka sasamana, lamun aya nu matak teu ngareunah kana hatena langsung wae teu di bere ampun kumanehna. Datuk Meringgih teh jalma anu lebar kana duitna, jangeun dahar tawa pakena ge manehna embung ngaluarkeun duitna saperak-perak acan. Datuk Meringgih sok nginjeumkeun duitna ka urang Padang, tapi make bunga anu ngalipat ganda. Manehna oge boga pendekar jangeun ngajaga manehna, oge nagih duit kanu nginjeum sabari nyiksa. Nyaeta pendekar lima jeung pendekar opat.
Geus tilu bulan Samsulbahri ninggalkeun kota Padang jeung kabogohna. Samsu ngirim surat ka nurbaya terus dibaca ku Nurbaya dikamarna. Nurbaya kacida bungah bisa narima surat ti kabogohna. Sanggeus maca surat ti kabogohna, cai matana ngucur kusabab inget ka Samsu.
Hiji peuting, saban Nurbaya keur cicing di imahna manehna meunang kabar ti Pa Kusir Ali yen kabeh toko Baginda Sulaiman kahuruan, Nurbaya langsung indit ka toko jeung Kusir Ali. Baginda Sulaiman teu nyahoeun tokona kahuruan sabab manehna keur indit balanja dagangeun. Teu kungsi lila tina kajadian eta, palanggan anu sok balanja ka toko Baginda Sulaiman euweuh nu balanja deui, tuluy parahu anu ngangkut barang dagangan jeung Baginda Sulaiman cilaka di laut, untungna Baginda Sulaiman salamet tina musibah eta.Teu Kungsi lila Baginda Sulaiman kamusibahan deui, kebon sawitna paraeh jeung teu bisa nghasilkeun buah.
Sataun ti harita Baginda Sulaiman geus lain deui sodagar anu beunghar, tokona geus kahuruan, parahuna ruksak titeuleum di tengah laut, kebon sawit anu sakitu legana teu bisa ngahasilkeun deui kusabab paeh. Baginda Sulaiman remen gering kusabab mikiran hal eta, anu dipiboga ku Baginda Sulaiman ngan imah anu ditempatan ku manehna jeung Nurbaya.
Kusabab Baginda Sulaiman teu boga deui nanaona, manehna nginjeum duit ka Datuk Meringgih, rencanana manehna rek ngabangun deui toko. Tapi barang teu kungsi lila tokona bangkrut sabab langganan anu baheula pindah ka Datuk meringgih.
Barang Datuk Meringgih rek nagih hutang ka Baginda Sulaiman manehna teu bisa mayar kusabab hartana geus beak. Ti dinya Datuk Meringgih ngancem rek menjara Baginda Sulaiman atawa rek ngajadikeun Nurbaya pamajikanana. Ningali hal anu kitu Nurbaya kacida sedihna terus ngomong ka Datuk meringgih “oh,, jadi maneh Datuk anu geus ngahancurkan urang ?” nurbaya nyorongot ka Datuk Meringgih terus dijawab “lamun urang nu ngahancurkeun maraneh, kunaon kitu. hahaha ?” ceuk Datuk Meringgih. “Dasar biadab, durhaka, indit maneh Datuk” Nurbaya ngalawan. Datuk Meringgih teu ngalayanan Nurbaya, manehna indit jeung pendekar lima.
Nurbaya mikir kumaha carana sangkan bapana henteu di penjara ku Datuk Meringgih. Nurbaya embung kawin jeung Datuk Meringgih, tapi manehna oge teu bisa ngantep bapana dipenjara ku Datuk anu durhaka. Tapi kusabab manehna nyaah ka bapana, manehna rela kawin jeung Datuk Meringgih sangkan hutang bapana bisa kabayar.
Unggal peuting Nurbaya inget ka Samsu, sabab anu dipikabogohna ngan saurang, nyeta Samsulbahri. Unggal peuting Nurbaya ceurik dikamarna. Hiji poe manehna ngirim surat ka Samsulbahri, manehna nyaritakeun naon nu kaalamana di Padang saengges papisah jeung Samsu oge nyaritakeun yen manehna rek kawin jeung Datuk Meringgih. Maca surat ti Nurbaya Samsu langsung langsung dendam ka Datuk Meringgih, manehna geus niat rek balik ka Padang.
Di Palabuan Tanjung Priok, samsu rek mulang ka Padang, papanggih jeung indung bapana, sobatna, oge Nurbaya kabogohna anu geus kawin ka Datuk Meringgih. Barang nepi di Teluk Bayur manehna leumpang mawa kopor bari sedih kusabab teu bisa sosonoan jeung Nurbaya, anu geus lila diimpikeun. Di imahna Samsu disambut ku indung jeung bapana, anu geus lila teu papanggih. Indungna nyaritakeun kaayaan di Padang sallila ditinggalkeun ku Samsu. Tuluy manehna ka imah Baginda Sulaiman ngalongok, manehna ngarep Nurbaya aya di imahna. Barang nepi ka imah Baginda Sulaiman, geus nyampak Nurbaya keur nyarita jeung bapana. Samsu tuluy sasalaman jeung Baginda Sulaiaman oge Nurbaya, manehna diuk deukeut Baginda Sulaiman terus nyaritakuen kaayaanana. Baginda Sulaiman ngomong ka Samsu “Sam, lamun bapa pondok umur, jaga Nurbaya sing ikhlas. Da ngan Samsu nu nyaah ka Nurbaya”. “muhun pa, abdi nyaah ka Nurbaya, wios ayeuna Nurbaya tos sareng Datuk Meringgih”. Ceuk Samsu. Nurbaya cicing sabari ngucur cai matana.
Jam 8 peuting Nurbaya ngobrol jeung Samsu di teras imahna, manehna nyaritakeun kasedihna ka Samsu. Teu kungsi lila datang Datuk Meringgih ka imahna Baginda Sulaiman, ningali Nurbaya keur ngobrol jeung Samsu manehna ngambek tuluy ngalaporkeun ka Sutan Mahmud. Sutan Mahmud tuluy mawa Samsu ka imahna. Samsu dicarekan ku bapana, tuluy nyumpahkeun yen manehna geus lain deui budakna. Isukna Samsu kabur ka Jakarta, kusabab manehna nyeri hate geus teu dianggap anak ku bapana.
Teu lila tina kajadian eta Baginda Sulaiman geus mulang ka rabbi. Nurbaya kacida sedihna sabab di dunya manehna teu boga sasaha deui. Sutan mahmud geus teu nganggap dulur ti saprak kajadian eta.
Nurbaya tuluy menta cerai ka Datuk Meringgih sabab manehna geus nyangsarakeun Baginda Sulaiman. Ti dinya Nurbaya geus lain deui istrina Datuk Meringgih. Pak Kusir ali anu baheula sok nganteurkeun Nurbaya jeung Samsu sakola, manehna nyaah pisan ka Nurbaya. Pa Kusir Ali nawaran ka Nurbaya, lamun Nurbaya hoyong ka Jakarta pependak sareng Samsu, mangga Pa Kusir tiasa nganteur Nur ka Jakarta, Pa Kusir oge terang dimana alamat Samsu sakola. Nurbaya geus niat rek ka jakarta nuturkeun Samsulbahri. Di Teluk Bayur manehna kacida bungah sabab rek papanggih jeung Samsu, tapi Datuk Meringgih marentahkeun ka Pendekar Lima sangkan mitnah Nurbaya meh Nurbaya balik deui ka Padang.
Barang nepi di palabuan Tanjung priok manehna papanggih jeung Samsu, tapi teu lila aya polisi nu nyampeurkeun Samsu. Polisi eta mere nyaho yen Nurbaya kudu balik deui ka Padang kusabab manehna geus mawa harta Datuk Meringgih. Nurbaya geus ngayakinkeun ka polisi yen manehna teu mawa harta Datuk Meringgih. Tapi polisi eta keukeuh Nurbaya kudu balik ka Padang. Nurbaya teu bisa ngomong nanaon deui sabab Datuk Merinngih kacida bengisna.
Nepi di Padang Nurbaya cicing di imah Alimah, nyaeta babaturan Nurbaya anu sanasib jeung Nurbaya, manehna geus yatim piatu, di imahna ngan cicing sorangan. Keur ngarobrol di teras imahna, aya nu jualan kueh ngaliwat ka imah Alimah. Nurbaya nawaran kueh ka Alimah tapi embungeun, terus Nurbaya meuli 3 bungkus. Tilu menit ti harita, Nurbaya ngomong ka Alimah manehna lieur sanggeus ngadahar kueh tadi, teu kungsi lila Nurbaya teu sadar, pas di cek ku Alimah geus maot.
Nurbaya maot pedah ngadahar kueh anu aya racunan, eta teh moal salah deui ti kalakuan bejad Datuk Meringgih. Ngadangu kabar kitu Samsu nu keur aya di Jakarta langsung sedih manehna teu nyangka Nurbaya bisa ninggalkeun manehna sorangan. Sababaraha poe ti harita Samsu sok ceurik inget ka Nurbaya. Manehna rek bunuh diri sabab geus euweuh harepan deui salain Nurbaya. Keur cicing di taman manehna rek nembak sirahna ku pistol anu geus ditodongkeun. Keur kitu langsung peluru nu aya dina pestol nembus kana sirah Samsulbahri. Tapi Arifin ningali kajadian eta langsung ngagorowok menta tulung.
Sutan Mahmud jeung Sitti Maryam langsung reuwas jeung teu bisa nahan kasedihna nyaho yen Samsulbahri maot bunuh diri, ti harita Sitti maryam remen gering mikiran anakna, nepikeun ka maot.
10 taun ti harita
Di Padang keur rusuh perkara belasting, belasting teh, mentaan duit jangeun digunakeun kanu kepentingan saperti jalan, sakola jsb anu di uruskeuna ku urang Walanda. Tapi urang Padang teu yakin kana hal eta, sabab sieun di pake jangeun kapentingan urang Walanda di negarana. Dina nuntaskeun rusuh eta anu diutus teh nyaeta Letnan Mas jeung Van Sta. Letnan Mas jeung Van Sta indit ka Padang. Barang Nepi ka Padang, Letnan Mas nyempetkeun indit ka makam di makam eta manehna ceurik oge nu nyium batu nisan eta kuburan, dina kuburan eta teh aya tulisan Sitti Nurbaya binti Sulaiman.
Gubernur Padang ngomong ka Letnan Mas yen perusuh rek nyerang poe isukan deukeut Gunung Padang. Dina Patempuran tentara jeung warga Padang anu teu satuju belasting loba nu maot, cilaka oge. Dina patempuran eta Letnan Mas ningali aya Datuk Meringgih nu keur nahan nyeri katonjok tentara Letnan Mas. Datuk Meringgih kabur, ku Letnan mas di udag nepikeun ka deukeut kebon imahna. Ti dinya perang Datuk Meringgih jeung Letnan Mas ricuh, barang Letnan mas rek nembak Datuk Meringgih, manehna ngomong “hey, datuk durhaka, baheula maneh geus ngabunuh Nurbaya, Baginda Sulaiman, jeung nyengsarakeun, ayeuna urang rek balas dendam ka anjeun” ceuk Letnan mas.”saha maneh ?”Meringgih ngabales. “ urang Samsu, Samsulbahri.” Ngadangu kitu datuk meringgih ngjenghak langsung peluru pestol Samsulbahri nembus dada Datuk Meringgih, tapi parang Datuk Meringgih langsung nanceb kanu beuteung Samsulbahri. Samsulbahri di bawa ka ruma sakit, bareng di rumah sakit manehna nitah ka dokter sangkan neangan jalma nu ngarana teh Sutan Mahmud Syah, penghulu di Padang.
Datang Sutan Mahmud ka ruma sakit eta, terus nanya “aya naon abdi make dipanggil ?”. terus dijawab “lamun abdi ayeuna dikersakeun ku pangeran kudu maot, abdi hoyong dikuburkeun di caket kuburan Nurbaya, hampura kasalahan abdi nu henteu nurut ka tuan salami ieu”. Teu kungsi lila korban eta napasna geus engap-engapan, tuluy maot. Sutan Mahmud nanya ka dokter nu nangani jelema eta. Di jelaskeun ku dokter eta teh yen nu karek maot teh Samsulbahri anu nyamar jadi Letnan Mas jeung tempur dina rusuh belasting. Ngadangu kitu Sutan Mahmud langsung nangkeup zenazah Samsulbahri. Manehna kaduhung geus nelantarkeun anakna hiji-hijina. Sanggeus dibawa ka mesjid jenazah Samsulbahri di kuburkeun di deukeut kuburan Nurbaya. Teu kungsi lila ti harita Sutan mahmud maot dikuburkeun di deukeut Samsulbahri jeung Nurbaya.
Tilu bulan ti harita aya dua urang budak ngora make bendi ka muara, budak teh aya nu pangkat dokter, jeung nu hiji deui pangkat opseter. Anu duaan eta teh nyaeta Arifin jeung Bakhtiar, sobat Nurbaya jeung Samsu. Bareng nepi ka tempat nu di tuju, Bakhtiar jeung Arifin ningali lima kuburan anu ngajajar, di batu nisan eta di tulis nu ka hiji, kuburan Baginda Sulaiman wafat dina tanggal 5 Rhamadan taun 1315. Nu kadua kuburan Sitti Nurbaya wafat dina tanggal 5 Zulhijah taun 1315, nu katilu kuburan Samsulbahri wafat dina tanggal 5 syafar 1326, nu ka opat kuburan Sitti Maryam nu wafat tanggal 15 zulhijah 1315, nu kalima kuburan Sutan Mahmud nu wafat tanggal 8 robiulawaal 1326. Saenggeus ngado’a dimakam eta, Bakhtiar jeung Arifin balik, cicing didinya ngan nu dikubur salilana.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar